LEUMPANG PEUTING
Suku beurat momot beusi
Kuring leumpang mapay – mapay jalan sepi
Dayeuh kadeudeuh tibra keur ngimpi
Dikeukeupan angin peuting
Ngampar diluhureun wuwung
Dua budak arulin
disisi jalan
Tanpa bal tanpa
panggal
Kaleci jeung
momobilan
Dua budak adi –
lanceuk
Dakina kandel bajuna saroek
Teu nyahoeun
hartina waktu
Bulan ngempur
dilangiit biru
(kuring ngaraketkeun beuheung baju)
Beuteungna nu tingkurubuk
Seurina anu ngagakgak
Pribumi anu darehdeh
Ngajak kuring sangkan reureuh
Saha nu
ngalahirkeun ka alam dunya
Saha nu
ngalungkeun ka dada kota
Ti poe ka poe
tambah loba bae
KANYAAH
Na panon terus katempo
Na hate teu weleh nyantel
Sarengkak saparipolah
Estu mantak tumaninah
Mun nyarita matak betah
Mun seuri matak kataji
Ninggang
kana paribasa
Keur
peureum angger kadeuleu
Keur
beunta pasti karasa
Kanyaah
muga tong kendat
Kaasih
mugi tong indit
Nyimbeuhan
jeung ngabajuan
Dimana
rasa paanggang
Buru
– buru hayang mulang
Gera
hayang ngaheureuyan
Duh Gusti nu
maha asih
Nimat lahir nimat batin
Sing ngnteng tembus ka ati
Tina rohmat nu katampi
Anjeun
nu maha welas
Ngaleler
hiji amanah
Sareatna
hiji budak
Pikeun
diriksa dijaga
Dunya
rawuh akheratna
Mugi
panceg ka yang Widi
Iman
ka Maha Kawasa
Nyangkaruk
na jero dada
Teu
lesot salawasna
LILIR
Harita lain ayena
Ngeserna waktu mawa robah hiji tangtunngan
Asalna taya kabisa
Mimiti bisa nurutan
Sabudeureun nu nurunken katresna
Ngahudang rasa kahayang
Lengkah nu rumanggieung da puguh can panceg napak
Lalaunan dibebenah dihadean
Mimiti kaharti maksudna sora
Kahayang
mimiti tembong
Mun
boga niat dipanglon
Nyalangkrung
tembong cipanon
Mun
kahayang can kalakon
Hamo
bisa dibebenjo
Renghap
ngarongheap
Ngulisik
na lebet manah
Ngalilirkeun
kanyaah hiji wanoja
Na
dirina nyangkaruk tur betah
Rasa
nu teubisa sirna
Ku
guludug ku gelap ku caah rongkah
Nanjan kanyeri, kapeurih, kasangsaraan
Landing salapan bulan
Murilitna kanyeri mangsa rek medal
Taya gurat ngendat
Sapisan ngalayang kabawa ingkah
Ku goakna sora budak.
SAJAK – SAJAK
Karya Ahmad aman
Bulan lewang na pucuk desember
Ngoyagkeun januari nu karek sapasi
Teu bisa tawar – tumawar
Sabab wancina lestari
Ti
magsa aka mangsa
Urang
rajin milang kala
Tapi
teu rajin milang dosa
Basa januari nu karek meletek sapasi
Geuning teu lila tileum kahandapeun layung
Naha teu hayang natataran deui ingetan
Nepi ka jeroning jero
Jerona rasa jeung rumasa
Taya pangawasa
Atawa
sasemet umangkeuh
Boga
saleuit pahala
Keur
nukerkeun eta dosa
TANAH SUNDA
Sajak Teh Ai Rohmawati
Tanah Kuring tanah
sunda
Tanahna Pajajaran
Hawana nu seger
Alamna nu ngemploh
hejo
Pagunungan nu ngajaul
ka langit
Susukan nu caina
ngagenclang
Endah, enya endah
Matak betah
Dimana kuring nincak
Tanah Sunda matak tibelat
Rek ka mana kuring mapag panyileukan
Tanah Sunda jadi pangirutan
Seungitna sumarambah ka unggal
madhab
Anaking seuneu Pajajaran
Kiwari tanah Sunda ngahibaran
Sarangenge geus meletek
Geura menyat mapag bentang
pangharepan
Bray hibar cahayana ka sakuliah
dunya
Mawa bagja keur sararea
Tanahna nu subur
ma’mur
Hirup gemah ripah loh
jinawi
Tanah Sunda nu pinuh
ku sugema
Simana Prabu Siliwangi
Nu jadi wawangi ieu
nagri
Tanah Sunda nu dipikatresna
Kuring reueus jadi nonoman Sunda
ULAH ERA NYARITA BASA SUNDA
Sajak Teh Ai Rohmawati
Basa teh rasa
Rasa teh basa
Basa nu pinuh ku rasa
Rasa nu pinuh ku basa
Ku rasa urang bisa
ngagalindengkeun basa
Ku basa urang bisa ngebrehkeun
rasa
Rasa cinta ka babaturan
Rasa hormat ka guru
Rasa nyaah ka indung
Rasa tuhu ka Alloh
Deudeuh anaking
Basa kiwari katideresa
Loba nu teu mirosea
Rasa kiwari teu mirasa
Ngamalir dina raga nu teu
walakaya
Meh rasa teu katideresa
Meh rasa pinuh ku ma’na
Ulah era nyarita ku basa
Sunda
KIHENDRA HAMO CANGCAYA
milik diri-bagja awak,
meureun ieu anu kudu karandapan,
kuringmah ngan ukur bisa sumerah,
sabab taya
cimata anu jadi saksina,
basa hate jumerit kanu maha
kawasa,
tumarima kanu qodar-Na,
kokojayan dinu sagara
katunggaraan.
emh,
nyakseni pisan abditeh, Gusti….
teudaya-teu upaya hirup abdi di alam dunya,
anging ngantosan karidhoannana Gusti..
soksanaos ati peurih-hate
rajet,
abdi percanten kanu kanyaah
Gusti,
moal samata-mata Gusti
ngalungsurkeun cai soca,
lamun teudisampurnakeun
kulungsurna rasa kabagja,
hamo samata-mata Gusti
ngadongkapkeun rasa kanyeri,
lamun teudisampurnakeun
kudongkapna rasa kasuka.
kokocoran rasa kanyeri,
kokocoran rasa kabagja,
moal ngaburial tinu tampian hate abdi,
saupami hamo ngamuara kanu ridhona Pangersa
milik diri-bagja awak,
abdimah mungsaukur mahluk-Na,
sagala nukarandapan,
pamulas hirup bari nungguan
adzalna.
KANYERI HATE
oleh :
wen's (sekretaris Depkominfo PD Hima Persis Kota Bandung)
Hinis nyepet. ...
Ninggalkeun tapak serab bari sasadu
Kabenaran we dina awang-awang
ngajarkeun kuring meh jadi jalmw nu tegep
Kuring ngorejat harita. ..
Jadi jalma tangguh teh pinuh cocoba
Sakali-kali pupil panon neangan langit
kosong
Cageur uteuk maca syair lalampahan
hirup
Iraha jawaban éta turun ka urang. ..??
Nafas balik leupas ucul
ramo ngagilitik dina untunan
abjad di luhur keyboard laptop
Ah….naon nu bissa dikecap
Sang Maha
geus kagok netepkeun sagalana
Pamuntunganana urang ngan bisa pasrah létah
pikeun kudu ngabongkar rencanana
Tapi awang-awang
kuring balik ngusap hate
Kuring percaya léngkah hirup di
dunya ieu
Méré wangwangan carita anyar pikeun
hirup
Yakin
kuring pan meunangkeun katumbiri wungu
Ti alur lalampahan hirup anu ku
kuring dilakonan
Éta perkiraan jawaban kuring anu diwanti
Sukur kuring tetep ngabaseuhan hate
sarta biwir kuring
Reueus kuring Jadi makhluk nu alus
Dibandingkeun satwa sarta tutumbuhan
Batan malaékat ladén sang
Maha pangawasa
hirup ngan saukur lalampahan
nu teu katenjo. .
ngan sakecap. ..salengkah. ..
satungtung panon ningali
moal aya watesna kana hiji
waktu
ingkah jalir janji kuring ngan
saukur sireum
MUSIBAH
Gunung nu biasa nyenangkeun
Ku segerna hawa
Ku iuh na tangkal
Ku tiisna angin
Ku endahna halimun
Kiwari geus rea nu pundung
Sagara nu biasa mere maweh ka manusa
Ku endahna basisir
Ku borelakna cai
Ku harta hewani
Ku harta botani
Kiwari geus mimiti rea nu murka
Tanneuh darat nu biasa nyangga
kahirupan manusa
Ku ratana
Ku caina
Ku gemburna
Ku suburna
Kiwari geus rea nu teu misobat
Kiwari rea gunung anu pundung
Ngutahkeun batu jeung keusik hurung
Nabeuleum pangeusi kampong
Kiwari rea sagara nu murka
Caina hanjat ka darat narajang
manusa
Tsunami nandasa jalma jeung
pakayana
Kiwari taneuh ge rea nu sangar
nu longsor nu ambles nu ngahgar
pakaya jalma rea nu bangkar
TEKAD
(Karya:Kis
Ws)
Nyoreang ka alam tukang jaman tandang ku pakarang
prang-pring bambu runcing,maju rampak ngabedah bentang
maju......maju.....! malar buru-buru cunduk ka peuntas ditu
ka taman endah nu marakbak bangun tembong teu anggang
panyileukan umat nu lapar ku kawibawaan jeung kaadilan
Kiwari geus meh sapuluh taun kebat lumampah
nyoreang jalan nu teu diamparan ku kembang
maju bari nahan kanyeri nincakan karikil seukeut
tapi itu itu taman panyileukan bet masih jauh
semet tembong lapat-lapat
Ya Robbi! Singhoreng bet tembong gelor.....
Rombongan nu asal rempeg sabilulungan
ayena aya nu misah ngadon leumpang sasamayan
sawareh geus robah kiblat,kabengbat ku nu ngalalar saliwat
tapi nu bedas tekadna,atawa mulang ngaligincing lantaran kecing
bari yakin yen mungguh tangkal ros rimbil ku cucuk
sarta nujejerih kacugak,mo laksana bisa metik!
NYUPRIH PANGARTI
(Karya
Heni Astriani)
Diwajibkeun kupangeran
ka umatna anu iman
nyuprih elmu bebeneran
sangkan hirup narawangan
Kudu suhud reujeung tukuh
ulah galideur talangke
sabab waktu terus mangprung
moal ngadagoan nu ngedul
Hanjakal moal ayeuna
belet bodo karasa jaga
batan kaduhung panungtung
mening tisusut tidungdung
JALAN
(karya Aldi Jaelani)
Di langit aya bentang
nu nyaangan pawenangan
dina hate aya iman
palita kahirupan
Tapi remen medem jalan sorangan
tisoledat tikosewad
salah jalan
tigebrus kana jarian
Jalan ngembat tur rumpil
leueur kudu diiteukan
poek kudu didamaran
hujan kudu dipayungan
sasab kudu nanya jalan
mun hayang tepi kana jalan
tujuan
SATENGAHING JALAN
geus mangpirangpirang usum kaliwatan
panon poe nanceb di mumunggang gunung
seja balik, nganteurkeun peuting
jeung sepi jempling
didieu kuring reureuh
sanggeus lumampah ngitung kasalah
ngalengkah ngijir kanyeuri
dina lima belas wanci anu rineh
bulan nu cahyana murub mubyar
poe nu kasaktian nana tanpa wates
kuring eureun didieu
rek muka lawang peteng
nu geus mangpirang alam kakonci
kuring didieu, moal ngelehan
di satengahing jalan.
IEU KURING!
Ieu kuring mah!
Lain nu kamari
Lain nu pageto
Tapi, nu kiwari
Nu keur tatan-tatan
bajoang
nyanghareupan
tangtangan
nalukkeun poe isukan!
SUBUH
Eulis,
Itu bulan ngarindatan
basa udat-udat fajar
sumirat ti belah
wétan
Éta Béntang bet silih kiceupan
lir mapag jasad
nu ting kuliat ti pangébogan
Galindeng soara
dzikir
ngalanglaung
maturan léngkah
awaking
nu ngagedig muru
pangsujudan