This is default featured slide 1 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 2 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 3 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 4 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 5 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

Minggu, 19 November 2017

PUISI DAN SAJAK

LEUMPANG PEUTING

Suku beurat momot beusi
Kuring leumpang mapay – mapay jalan sepi
Dayeuh kadeudeuh tibra keur ngimpi
Dikeukeupan angin peuting
Ngampar diluhureun wuwung

Dua budak arulin disisi jalan
Tanpa bal tanpa panggal
Kaleci jeung momobilan

Dua budak adi – lanceuk
Dakina kandel  bajuna saroek
Teu nyahoeun hartina waktu
Bulan ngempur dilangiit biru

(kuring ngaraketkeun beuheung baju)
Beuteungna nu tingkurubuk
Seurina anu ngagakgak
Pribumi anu darehdeh
Ngajak kuring sangkan reureuh

Saha nu ngalahirkeun ka alam dunya
Saha nu ngalungkeun ka dada kota
Ti poe ka poe tambah loba bae





















KANYAAH

Na panon terus katempo
Na hate teu weleh nyantel
Sarengkak saparipolah
Estu mantak tumaninah
Mun nyarita matak betah
Mun seuri matak kataji

Ninggang kana paribasa
Keur peureum angger kadeuleu
Keur beunta pasti karasa
Kanyaah muga tong kendat
Kaasih mugi tong indit
Nyimbeuhan jeung ngabajuan

Dimana rasa paanggang
Buru – buru hayang mulang
Gera hayang ngaheureuyan

Duh  Gusti nu maha asih
Nimat lahir nimat batin
Sing ngnteng tembus ka ati
Tina rohmat nu katampi

Anjeun nu maha welas
Ngaleler hiji amanah
Sareatna hiji budak
Pikeun diriksa dijaga
Dunya rawuh akheratna

Mugi panceg ka yang Widi
Iman ka Maha Kawasa
Nyangkaruk na jero dada
Teu lesot salawasna












LILIR


Harita lain ayena
Ngeserna waktu mawa robah hiji tangtunngan
Asalna taya kabisa
Mimiti bisa nurutan
Sabudeureun nu nurunken katresna
Ngahudang rasa kahayang
Lengkah nu rumanggieung da puguh can panceg napak
Lalaunan dibebenah dihadean
Mimiti kaharti maksudna sora

Kahayang mimiti tembong
Mun boga niat dipanglon
Nyalangkrung tembong cipanon
Mun kahayang can kalakon
Hamo bisa dibebenjo

Renghap ngarongheap
Ngulisik na lebet manah
Ngalilirkeun kanyaah hiji wanoja
Na dirina nyangkaruk  tur  betah
Rasa nu teubisa sirna
Ku guludug ku gelap ku caah rongkah

Nanjan kanyeri, kapeurih, kasangsaraan
Landing salapan bulan
Murilitna kanyeri mangsa rek medal
Taya gurat ngendat
Sapisan ngalayang kabawa ingkah
Ku goakna sora budak.















SAJAK – SAJAK
Karya Ahmad aman


Bulan lewang na pucuk desember
Ngoyagkeun januari nu karek sapasi
Teu bisa tawar – tumawar
Sabab wancina lestari

Ti magsa aka mangsa
Urang rajin milang kala
Tapi teu rajin milang dosa

Basa januari nu karek meletek  sapasi
Geuning teu lila tileum kahandapeun layung
Naha teu hayang natataran deui  ingetan
Nepi ka jeroning jero
Jerona rasa jeung rumasa
Taya pangawasa

Atawa sasemet umangkeuh
Boga saleuit pahala
Keur nukerkeun eta dosa















TANAH SUNDA
Sajak Teh Ai Rohmawati


Tanah Kuring tanah sunda
Tanahna Pajajaran
Hawana nu seger
Alamna nu ngemploh hejo
Pagunungan nu ngajaul ka langit
Susukan nu caina ngagenclang
Endah, enya endah
Matak betah

Dimana kuring nincak
Tanah Sunda matak tibelat
Rek ka mana kuring mapag panyileukan
Tanah Sunda jadi pangirutan
Seungitna sumarambah ka unggal madhab

Anaking seuneu Pajajaran
Kiwari tanah Sunda ngahibaran
Sarangenge geus meletek
Geura menyat mapag bentang pangharepan
Bray hibar cahayana ka sakuliah dunya
Mawa bagja keur sararea

Tanahna nu subur ma’mur
Hirup gemah ripah loh jinawi
Tanah Sunda nu pinuh ku sugema
Simana Prabu Siliwangi
Nu jadi wawangi ieu nagri

Tanah Sunda nu dipikatresna
Kuring reueus jadi nonoman Sunda










ULAH ERA NYARITA BASA SUNDA
Sajak Teh Ai Rohmawati


Basa teh rasa
Rasa teh basa
Basa nu pinuh ku rasa
Rasa nu pinuh ku basa

Ku rasa urang bisa ngagalindengkeun basa
Ku basa urang bisa ngebrehkeun rasa
Rasa cinta ka babaturan
Rasa hormat ka guru
Rasa nyaah ka indung
Rasa tuhu ka Alloh

Deudeuh anaking
Basa kiwari katideresa
Loba nu teu mirosea
Rasa kiwari teu mirasa
Ngamalir dina raga nu teu walakaya
Meh rasa teu katideresa
Meh rasa pinuh ku ma’na
Ulah era nyarita ku basa Sunda
               











KIHENDRA HAMO CANGCAYA


milik diri-bagja awak, 
meureun ieu anu kudu karandapan,
kuringmah ngan ukur bisa sumerah,
sabab taya
daya jeung upaya,

cimata anu jadi saksina,
basa hate jumerit kanu maha kawasa,
tumarima kanu qodar-Na,
kokojayan dinu sagara katunggaraan.

emh,
nyakseni pisan abditeh, Gusti….
teudaya-teu upaya hirup abdi di alam dunya,
anging ngantosan karidhoannana Gusti..

soksanaos ati peurih-hate rajet,
abdi percanten kanu kanyaah Gusti,
moal samata-mata Gusti ngalungsurkeun cai soca,
lamun teudisampurnakeun kulungsurna rasa kabagja,
hamo samata-mata Gusti ngadongkapkeun rasa kanyeri,
lamun teudisampurnakeun kudongkapna rasa kasuka.

kokocoran rasa kanyeri,
kokocoran rasa kabagja,
moal ngaburial tinu tampian hate abdi,
saupami hamo  ngamuara kanu ridhona Pangersa

milik diri-bagja awak,
abdimah mungsaukur mahluk-Na,
sagala nukarandapan,
pamulas hirup bari nungguan adzalna.







KANYERI HATE
oleh : wen's (sekretaris Depkominfo PD Hima Persis Kota Bandung)

Hinis nyepet. ...
Ninggalkeun tapak serab bari sasadu
Kabenaran we dina awang-awang
ngajarkeun kuring meh jadi jalmw nu tegep
Kuring ngorejat harita. ..
Jadi jalma tangguh teh pinuh cocoba
Sakali-kali pupil panon neangan langit kosong
Cageur uteuk maca syair lalampahan hirup
Iraha jawaban éta turun ka urang. ..??
Nafas balik leupas ucul
ramo ngagilitik dina untunan abjad di luhur keyboard laptop


Ah….naon nu bissa dikecap
Sang Maha geus kagok netepkeun sagalana
Pamuntunganana urang ngan bisa pasrah létah
pikeun kudu ngabongkar rencanana
Tapi awang-awang kuring balik ngusap hate
Kuring percaya léngkah hirup di dunya ieu
Méré wangwangan carita anyar pikeun hirup

Yakin kuring pan meunangkeun katumbiri wungu
Ti alur lalampahan hirup anu ku kuring dilakonan
Éta perkiraan jawaban kuring anu diwanti
Sukur kuring tetep ngabaseuhan hate sarta biwir kuring
Reueus kuring Jadi makhluk nu alus
Dibandingkeun satwa sarta tutumbuhan
Batan malaékat ladén sang Maha pangawasa 

hirup ngan saukur lalampahan nu teu katenjo. .
ngan sakecap. ..salengkah. .. satungtung panon ningali
moal aya watesna kana hiji waktu
ingkah jalir janji kuring ngan saukur sireum







MUSIBAH


Gunung nu biasa nyenangkeun
Ku segerna hawa
Ku iuh na tangkal
Ku tiisna angin
Ku endahna halimun
Kiwari geus rea nu pundung
           Sagara nu biasa mere maweh ka manusa
           Ku endahna basisir
           Ku borelakna cai
           Ku harta hewani
           Ku harta botani
           Kiwari geus mimiti rea nu murka
Tanneuh darat nu biasa nyangga kahirupan manusa
Ku ratana
Ku caina
Ku gemburna
Ku suburna
Kiwari geus rea nu teu misobat
                    Kiwari rea gunung anu pundung
                    Ngutahkeun batu jeung keusik hurung
                    Nabeuleum pangeusi kampong
Kiwari rea sagara nu murka
Caina hanjat ka darat narajang manusa
Tsunami nandasa jalma jeung pakayana

Kiwari taneuh ge rea nu sangar
nu longsor nu ambles nu ngahgar
pakaya jalma rea nu bangkar  








TEKAD
(Karya:Kis Ws)


Nyoreang ka alam tukang jaman tandang ku pakarang
prang-pring bambu runcing,maju rampak ngabedah bentang
maju......maju.....! malar buru-buru cunduk ka peuntas ditu
ka taman endah nu marakbak bangun tembong teu anggang
panyileukan umat nu lapar ku kawibawaan jeung kaadilan
 
Kiwari geus meh sapuluh taun kebat lumampah
nyoreang jalan nu teu diamparan ku kembang
maju bari nahan kanyeri nincakan karikil seukeut
tapi itu itu taman panyileukan bet masih jauh
semet tembong lapat-lapat
Ya Robbi! Singhoreng bet tembong gelor.....
 
Rombongan nu asal rempeg sabilulungan
ayena aya nu misah ngadon leumpang sasamayan
sawareh geus robah kiblat,kabengbat ku nu ngalalar saliwat
tapi nu bedas tekadna,atawa mulang ngaligincing lantaran kecing
bari yakin yen mungguh tangkal ros rimbil ku cucuk
sarta nujejerih kacugak,mo laksana bisa metik!














NYUPRIH PANGARTI
 (Karya Heni Astriani) 


Diwajibkeun kupangeran
ka umatna anu iman
nyuprih elmu bebeneran
sangkan hirup narawangan
 
Kudu suhud reujeung tukuh
ulah galideur talangke
sabab waktu terus mangprung
moal ngadagoan nu ngedul
 
Hanjakal moal ayeuna
belet bodo karasa jaga
batan kaduhung panungtung
mening tisusut tidungdung
                                                                                          















JALAN
(karya Aldi Jaelani)


Di langit aya bentang
nu nyaangan pawenangan
dina hate aya iman
 
palita kahirupan


Tapi remen medem jalan sorangan
tisoledat tikosewad
salah jalan
tigebrus kana jarian


Jalan ngembat tur rumpil
leueur kudu diiteukan
poek kudu didamaran
hujan kudu dipayungan
sasab kudu nanya jalan 
mun hayang tepi kana jalan tujuan













SATENGAHING JALAN


geus mangpirangpirang usum kaliwatan
panon poe nanceb di mumunggang gunung
seja balik, nganteurkeun peuting
jeung sepi jempling

didieu kuring reureuh
sanggeus lumampah ngitung kasalah
ngalengkah ngijir kanyeuri
dina lima belas wanci anu rineh
bulan nu cahyana murub mubyar
poe nu kasaktian nana tanpa wates

kuring eureun didieu
rek muka lawang peteng
nu geus mangpirang alam kakonci

kuring didieu, moal ngelehan
di satengahing jalan. 












IEU KURING!

Ieu kuring mah!
Lain nu kamari
Lain nu pageto
Tapi, nu kiwari
Nu keur tatan-tatan
bajoang 
nyanghareupan tangtangan 
nalukkeun poe isukan!





SUBUH

Eulis,
Itu bulan ngarindatan
basa udat-udat fajar
sumirat ti belah wétan

Éta Béntang bet silih kiceupan
lir mapag jasad
nu ting kuliat ti pangébogan

Galindeng soara dzikir
ngalanglaung
maturan léngkah awaking
nu ngagedig muru pangsujudan


BANDUNG DAN PERJUANGAN



Kota kenangan dengan hiruk pikuk kehidupan yang sedikit keras namun masih sangat nyaman untuk ditinggali orang pinggiran.

Suasana kota dengan aktifitas aktifitas nya yang semakin hari semakin tak kenal waktu

Namun masih bisa dijalani orang pinggiran

Pagi yang sudah tak sejuk, siang yang sudah tak teduh, malam yang sudah tak dingin

Namun masih bisa dirasakan orang pinggiran

Kehadiran Mall, Bioskop, Bar, Caffe menjadi salah satu tempat dimana orang menghabiskan waktu luang nya

Namun masih bisa diterima orang pinggiran

Beragam profesi seolah menjadi warna di kota ini

Kehadiran Pengamen dan anak jalanan disetiap lampu merah seolah menjadi tanda kerasnya kota ini

Kemacetan yang kian hari kian tak kenal waktu menggambarkan betapa padat nya kota ini

Orang-orang kantoran berpakaian rapi, menambah kesan kesuksesan bagi orang pinggiran 

gedung-gedung mewah, fasilitas dan infrastruktur yang kian berkembang kian membuat kagum orang pinggiran 

Dengan segala isinya, kota ini seolah menjadi maghnet untuk menarik orang pinggiran mengadukan nasib mereka

Karna Dibalik segala keramaiannya, dikota ini masih tersimpan berjuta kedamaian 

Diamana mayoritas orang masih memiliki rasa kepedulian yang cukup tinggi

Keramahan, kekeluargaan, kedamaian seolah menjadi rumah untuk orang pinggiran

Banyaknya sekolah perguruan tinggi yang handal menjadi salah satu alasan orang pinggiran datang menimba ilmu dikota ini

Tak sedikit dari mereka yang berhasil mencapai kesuksesan nya tapi terkadang meeka lupa untuk kembali ke tempat dimana ia tumbuh
_______________________________________________________________

Tatkala umur yang semakin dewasa dan asa yang semakin menggebu 

Membuatku harus memilih kota untuk berjuang mewujudkan segalanya

Salah satu Universitas Negri terbaik seolah semakin menarikku untuk datang kesana 

Bandung menjadi salah satu tempat aku berpijak dan menggantungkan harapan 

Memulai hidup berjuang di perantauan memang tak mudah, tapi itu adalah salah satu jalan yang harus kulalui demi menggapai anganku

Hari demi hari semakin banyak orang baru dalam kehidupanku, dan itu menjadi warna tersendiri dalam setiap perjalananku

Bergaul dan berkumpul dengan orang dari berbagai daerah yang sama sama bernasib perantau, memberiku banyak pelajaran hidup 

Kisah kita yang berbeda namun satu tujuan membuat kita saling menjaga, memahami dan mengerti satu sama lain bak keluarga 

Berjuang sendiri dan menjalani hidup jauh dari keluarga memberiku banyak pelajaran

Kemandirian benar benar tumbuh didalam jawaku

Menahan rasa sakit, Lapar dan haus, seolah menjadi hal biasa 

Tapi disamping semua itu terkadang aku lup hingga terbawa arus pergaulan orang kota

Mall, Bioskop, Caffe, tempat karoke, hingga Bar yang selama ini tak pernah aku kunjungi sekarang seolah menjadi tempat yang sudah biasa aku singgahi

Siang hari yang biasa aku habiskan diperpustakaan kini aku habiskan di Caffe 

Sore hari yang biasa aku habiskan di tempat kos, kini aku tak lupa pergi ke Mall atau Bioskop

Malam hari yang biasa aku habiskan untuk belajar kini aku luangkan untuk pergi ketempat karoke atau Bar 

Gaya hidup kian hari kian merubahku, dari pagi hingga larut malam menjelang subuh aku habiskan hanya untuk bersenang senang dengan teman seperantauan ku

Sampai akhirnya aku sadar bahwa jauh disana ada banyak orang yang bergantung harapan padaku, orantuaku yang sangat berharap aku jadi anak yang sukses yang bisa mereka banggakan

Adik adiku yang berharap kaka nya bisa menjadi seseorang yang bisa mereka contoh dikumuadian hari

Fikiran itu benar benar merasuki hatiku, anganku dan cita-cita ku membuatku sadar tujuanku datang ke kota ini 

hingga pada akhirnya aku memutuskan untuk berhenti dan kembali menjalani rutinitasku sebagai mahasiswa tingkat akhir. 

Tugas Akhir adalah prioritas utama yang harus aku selesaikan kala itu

Walapun dalam prosesnya banyak ujian dan tangisan, aku tak pernah putus asa dan berhenti berjuang 

Setiap titik dari impianku harus aku perjuangkan, 

karena jika itu tercapai, bukan hanya aku yang akan bahagia. Tapi orang lain juga akan merasakan bahagia karena manfaat yang ditimbulkannya. 

Setiap kehidupan pasti ada tantangan, dan Tantangan adalah hal biasa dalam sebuah perjuangan. 

Karena jika perjalanan itu tidak memiliki tantangan, berarti ia bukanlah perjuangan, 

Jika dalam perjuanganku memiliki tantangan yang besar. Berarti keberhasilan yang menantiku juga besar hasilnya.

Aku selalu menggunakan mantra sakti yang memiliki makna kuat dan mampu memberikan semangat dalam hidupku yaitu Man Jadda Wajada, yang artinya siapa yang bersungguh-sungguh pasti berhasil.

Hingga akhirnya dengan Cucuran keringat dan doa dari orang tua aku berhasil menyelesaikan tugasku sebagai mahasiswa dengan Sidang Tugas Akhir

Toga dan Ijazah merupakan hadiah dan kado terindahku dari kota ini

Terimaksaih Bandung, Aku hadiahkan Kelulusanku untuk orang orang terdekatku khusus nya Orangtuaku.






PUISI DAN SAJAK

LEUMPANG PEUTING Suku beurat momot beusi Kuring leumpang mapay – mapay jalan sepi Dayeuh kadeudeuh tibra keur ngimpi Dikeukeupan ...